FOTOKOPI

WhatsApp-Image-2020-09-06-at-11.43.58-1.jpeg

Harita pas wanci sore, sim kuring keur diuk dina teras imah sabari nyuruput cikopi anu kakarak ditinyuh. Mani ngahiliwir eta seungitna bakal pikabitaeun anu ngambeuna. Teu lila jol pamajikan sim kuring bari mawa goreng cau haneut keneh anu kacida ngeunahna, da cauna ge cau nangka anu meunang ngala kuring tadi beurang di kebon, asakna meujeuhna pasti ngeunah pokona mah.

Teu lila datang Mang Tatang bari mawa wadah runtah nu geus kosong. Sigana mah tas ti kebon miceun runtah bari sakalian diduruk, da eta mah geus biasa dilakonan ku Mang Tatang unggal sore.

“Keur naon maneh, Jang?” ceuk Mang Tatang ka sim kuring.

“Biasa weh Mang, keur ngopi, mangga calik ,reureuh heula didieu.Mang,” ceuk sim kuring bari rada ngageser diukna nyayogikeun tempat calik kanggo Mang Tatang.

“Irah, cik pangdamelkeun deui cikopi kanggo Mang Tatang,”ceuk sim kuring ka pamajikan.

“Muhun mangga, Kang.”tembal Irah sabari ngaleos ka dapur.

“Lah, tong sagala teuing atuh, Jang. Ieu mah hayang ngaso weh sakeudeung di dieu,”ceuk Mang Tatang.

“Keun bae atuh Mang, baturan kami ngopi, beh aya batur ngobrol sabari ngasaan goreng cau anu meunang ngala kuring tadi beurang di kebon. Sok tah, amis geura cauna ge,”bari ku kuring disodorkeun goreng cauna ka Mang Tatang.

“Bener ngeunah Jang goreng cau teh, ceuk Mang Tatang bari ngahuapkeun goreng cau anu sesa tadi digegel.

Teu lila jol Irah mawa cikopi keur Mang Tatang, bari gek diuk gigireun kuring.

“Mangga dileueut kopina, Mang,” ceuk Irah ka Mang Tatang.

“Hadeeuuhhh….mani seungit ngahiliwr ieu cikopi, ari inget kopi teh sok inget lalampahan sorangan keur harita nyaba ka kota.

“Naha kumaha kitu Mang?” Tanya sim kuring panasaran.

Basa harita keur ngora, Mamang pernah nyaba ka kota, ngumbara siga batur. Apal sorangan meureun, Mamang mah tara kamana-mana, istuning di lembur wae.  Urang lembur bau lisung, teu boga pangalaman jeung pangarti.

Heug di dayeuh Mamang gawe di saudagar anu kagungan percetakaan. Majikan Mamang teh nampi padamelan, lamun aya anu bade ngadamelan surat ondangan, boh nu nikahan atanapi anu sunatan. Lamun  musiman hajatan teh pasti mani seueur padamelan. Basa mimiti pisan mamang damel, eta juragan, miwarang ka mamang, anu ku mamang teh teu kaharti naon parentahna, maklum miskin pangarti.

“Tang, cik pang motokopikeun kertas ieu, “saur juragan mamang bari merekeun salambar kertas.

Mamang teh rada ngahuleng dititah motokopi teh. Leos weh mamang teh ka dapur neangan kopi. Bari masih acan ngarti sabenerna maksud juragan teh naon. Sanggeus kapanggih kopi anu aya di dapur, eta kopi  ku mamang ditinyuh weh, sabarang geus ditinyuh mamang teh neangan tustel atawa kamera sakeur moto eta cai kopi. Heug mamag teh mikir deui, na keur naon ieu kertasna? Ah meureun keur tutup cai kopina, pikir mamang basa harita. Mamang geus neangan tustel kaditu kadieu, teu kapanggih wae, da barina ge mung seug eta tustel kapanggih, acan tangtu deuih Mamang bisa makena. Tungtungna mah mamang teh ngahuleng weh di dapur sabari nempokeun eta cikopi.

“Tang, mana hasil fotokopianna?” ari jol teh tuang juragan tos aya pengkereun mamang.

“Puguh abdi teh bingung juragan, bade motokoi teh tustelna da teu kapendak,”saur mamang polos.

“Na, jang naon tustel, Tang? Tembal tuan juragan.

“Pan kanggo moto ieu cikopi,” ceuk mamang bari nunjuk ka cikopi meunang ninyuh mamang tadi.

“Ya…Allah…..ya gusti nu agung…ari Tatang….teu apal motokopi? Saur juragan sabari rada keuheul, tapi bangun nahan seuri oge.

“Kumaha kitu, Gan?”saur mamang panasaran.

 

“Cik mana kertas nu bieu?” sabari nyodorkeun panangannna, heug ku mamang teh dipasihkeun deui eta kertas ka juragan.

“Hayu Tatangna kadieu, “ bari ngagupay ka Mamang nitah nuturkeun.

“Tah, ieu namina mesin fotokopi,” bari nuduhheun  kana mesin badag warna bodas anu dijagaan  ku budak ngora.

“Ieu namina Amir, tugasna motokopi kertas. Kanggo ngagandakeun atawa ngalobakeun kertas ieu, kahartos ayeuna mah, Tang? Saur juragan ngajelaskeun ka mamang.

Mamang ngan saukur angguk bae,  bari teu acan ngartos eta oge,  Juragan sigana apaleun yen mamang acan paham naon fotokopi teh.

“Mir, cik fotokopi kertas ieu limabelas lembar,saur juragan ka budak ngora nu ngarana Amir.

“Muhun mangga juragan,” tembal Amir bari ngasupkeun kertas kana jero mesin. Ari pek teh gening aya kalaluar keretas dina jero mesin, pas dibilang bener wae aya limabelas lembar.

Ti saprak kajadian eta, kakarak mamang apal yen fotokopi teh mesin kanggo ngagandakeun keretas,sanes moto cai kopi. Upami emut ka pangalaman eta, sok rada meungpeun, era parada, dasar urang lembur bau lisung,euweuh kanyaho jeung kurang gaul. Matak jadi jelema mah kudu loba pangarti jeung loba tatanya, ambeh teu salah kaprah.***

(Visited 67 times, 1 visits today)

Tinggalkan Balasan